7 Contoh Carpon yang Bisa Jadi Referensi Siswa Belajar Bahasa Sunda
JAKARTA, iNews.id - Contoh carpon berikut ini bisa jadi bahan ajar bagi siswa yang ingin mempelajari karya sastra Sunda. Khususnya, bagi kamu yang saat ini tinggal di daerah Jawa Barat.
Mengutip Rosidi (2018) dalam Kamus Istilah Sastra Indonesia, carpon Sunda merupakan suatu kisah yang menggambarkan tentang khayalan tentang kehidupan, entah itu menyedihkan, membahagiakan, dan lain sebagainya.
Artinya, carpon Bahasa Sunda merupakan sebuah karangan fiksi yang ceritanya tidak betul-betul kejadian atau suatu kejadian yang pernah dialami oleh penulis/pengarangnya.
Nah, berikut ini contoh carpon yang bisa dipelajari oleh siswa dilansir dari berbagai sumber, Rabu (24/7/2024).
Dina hiji waktu, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Maranéhana téh keur arénjoy bari sasarandéan nyampai di sisi jalan. Matana barereum, kitu ogé sarua jeung bengeutna lantaran geus pararah narenggak botol.
Ari ka tilu budak ngora éta caritana arék naraék mobil taksi. Nah tos kitu, teu lila aya ogé léwat mobil taksina, nya tos atuh langsung di ereunkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol éta téh. Ceuk supir taksina téh na jéro haténa: “Anyir.. ieu barudak ngora téh marabok waé pagawéannana, ku aing gawéan siah..!”
Tah geus kitu, ararasup tah budak ngora téh nu titiluanan ka jéro taksi. Sangges di jéro taksi, si supirna langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeung geus kitu dipareman deui. Ceuk supirna téh: “Atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!”
Nah, percaya wéh ari éta barudak ngora téh lantaran geus pararah. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu ogé budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si éta mah.
pas giliran budak ngora nu ka tilu, manéhna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarékan jeung nyabok beunget supirna, bari ngomong: “Engké deui mah mun mawa taksi téh ulah ngebut-ngebut teing geura satéh, bahaya! Kalem wéh atuh.!” Ceuk supir taksina téh: “Dasar jelema garering siah!!!” PloKk
”Oh di dieu A Endul téh, ari Encid kalahkah milarian ka rohangan pasén anak-anak nembé téh. Kumaha damang, A?” ”Ih sidik gering Aa téh, Cid matak ngajoprak di rumah sakit ogé.” ”Bongan Aa bet kersa dicandak ka dieu ….” ”Éééh pan dibawa ka dieu téh ngarah diubaran, ning yeuh diimpus sangkan Aa téréh cageur! Na ulah A Endul cageur?”
”Sanés ngawagel damang nanging kedahna Aa téh dicandak ka rumah tida sakit.” ”Ah sok ngalilieur waé manéh mah sakieu keur lalanjung téh, siga paranas, sungut parait, awak nyareri sabukubuku.” ”Dicatet-catetkeun dina buku, A nu nyarerina?” ”Nyareri sabuku-buku téh sakujur awak nyareri, Kencid lain dicatet dina buku!”
”Oh …, kitu, hapunten atuh, A.” ”Teu nanaon, Cid, sakieu ogé sukur manéh daék ngalongok Aa. Du’akeun wé A’ana sangkan téréh jagjag cara sasari deui.” ”Da Encid mah sanés ngalayad Aa.” ”Pan éta muncengis ka dieu?!” ”Wiréh gaduh péér matematika Encid téh, A bangga kantun sakedik deui kedah réngsé ayeuna badé dipariosna énjing.”
”Sabaraha sual deui nu acanna?” ”Tujuh las.” ”Hah?! Na sabaraha sual kabéhna, Cid?” ”Hé héh … dalapan las, A.” ”Aracan kabéh atuh éta mah!” ”Nu hiji mah parantos dipidamel, A.” ”Leuheung manéh bisa.” ”Da sanés ku Encid, ku Kang Murdian sah padamel pom béngsin Bang Togap.”
”Dua tak Bang Togap mah!” ”Muhun, mung kabujeng répot, A kios béngsinna kahuruan, da éta ngaladangan ana bari melenyun waé nyesep.” ”Aduh hadéna wé manéh teu kaléntab, Cid.” ”Pan Encid mah teu ka ditu, buku péérna wé dititipkeun ka Si Leupeut rayi Kang Murdiansah réréncangan sabangku Encid.”
”Heueuh keun wé péér mah ké djieun ku Aa, tapi ku Encid Aa hayang dipangnéangankeun ubar kampung, da ubar ti rumah sakit mah can aya karasana.” ”Diantep, A?” ”Naon?” ”Saur A Endul nembé teu acan aya karaosna.” ”Ubarna euweuh nu matih lain diantep!” ”Oooh …, mangga atuh mung sing écés wé, A érté-érwéna, désa sareng kacamatanana wéh sing kantenan da kapan kampung téh seueur supados Encid gampil milarianana.”
Carpon Sunda yang disebutkan di atas tidak hanya mengandung pesan moral, tetapi juga menghibur para pembacanya. Dengan sering membaca carpon, maka wawasan tentang bahasa Sunda akan semakin luas.
Sebut wéh ngarana si udin, umurna geus 36 tahun leuwih saeutik, ari kareseupna nyieunan bandring, da lantaran manéhna osok ngabandringan manuk di lemburna téh.
Tapi indungna hayang buru-buru némpo si udin téh geura kawin, lantaran umur si udin téh mikin kolot, geus lain budak ngora deui. Dina hiji poé, si udin jeung indungna téh keur ngobrol di harepeun imahna, tah kieu ceunah isi obrolana téh:
Indungna : “Din ari umur manéh téh geus mulai kolot, manéh arék iraha kawin téh?”
Udin : “Muhun ma, engké.” (Bari ngoméan bandring)
Indungna : “Ih ari manéh mah engké, engké waé, iraha din? Éma téh geus geura hayang boga incu.”
Udin : “Engké ma.” (Jongjon bari ngoprék bandring kénéh waé)
Indungna : ” Manéh emang nyaho din, ari carana kawin téh ?” (Ngahareupkeun si udin bisaeun)
Udin : “Deuh, gampang ma, piraku udin teu nyaho mah.”
Indungna : “Coba atuh, cing kumaha carana téh ?!”
Udin : “Kieu ma, kahiji, Buka bajuna”
Indungna : “Terus?” (Bari seuri)
Udin : “Kadua, buka calanana.”
Indungna : “Terus.. Terus..?” (Seuri, Bari panasaran)
Udin : “Ka tilu, pas tos ka tingali cangcutna, terus di… Éuh?”
Indungna : “Bisa geuning manéh din, terus di kumahakeun deui terakhirna?”
Udin : “Enya, bisa atuh ma! Terus, di cabak heula ma.”
Indungna : “Terus.. din !” (Bari seura-seuri)
Udin : “Tah geus kitu, di buka, Urang jieun bandring wéh ma cangcutna téh!”
Indungna : “Goblog siah..!! budak téh ngagawéan aing!”
Udin : “Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa)
Aya hiji awéwé mojang ngaranna sebut wéh si ira. Si ira awakna jangkis, bu’ukna péndék, saléwat mah pokona percis pisan jiga lalaki. Di lemburna ogé manéhna katelah budak tomboi, nu hobina naék motor.
Dina hiji poé, si ira rék mangkat ka gedung caffe di jakarta, manéhna geus siap-siap bari geus mawa helm, maké jakét kulit nu sok biasa dipaké ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweuh kaca spionan sabelah, salewat mah émang mirip lalaki ieu budak téh. “Grungg…!!!” si ira téh tuluy ngacir indit ka gedung caffe.
Babaraha jam lilana, ahirna si ira tepi ka gedung caffe anu dituju. Manéhna turun dina motor, bari maké jaket jeung helm kénéh, ngagidig wéh si ira téh leumpang asup ka gedung, bari rada katembong jangar.
Di gedung caffe éta téh keur aya pamariksaan, kulantaran di jakarta ayeuna keur usum BOM nu sing jalelegur gara-gara basa tragedi nu di tamrin téa. Satpam-satpam bari nyekel pelentungan jeung alat ajang ngaditéksi bom tos siap-siap ngajaga di gang gedung caffe éta.
Nah, pas arék asup, si ira dipariksaan heula ku satpam ti handap nepi ka luhur pake alat détéksi bom nu ngaranna metal détéktor.
Nah, pas alat éta nepi ka dadana, satpam langsung ngomong: “Nah siah..!! ieu naon empuk-empuk kieu dua siki?? Boa-boa manéh mawa bom nya!!!” Ceuk satpamna téh, da puguh teu nyaho perangsa téh lalaki.
Pas rada di cabakan saeutik ku satpamna, si ira atuh mereun jadi ngambeuk.. Prak wéh! éta helm langsung di buka bari dibabétkeun, si Ira ngomong ka satpamna, bari matana molotot: “BOM, BOM, tai pedut lah, siah! Yeuh teu percaya mah !!!”
Lah geuning awéwé, sugan kuring téh lalaki. Ceuk satpamna bari cengar-cengir: “Tos.. Tos.. cekap.. Neng! Teu kedah dikaluarkeun, tos terang abdi mah.. Tos terang!” Satpam éta reuwas, da sugan téh éta nu keur manéhna pariksaan téh lalaki, sihoréng padahal mah manéhanna awéwé.
Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahluk-Na anu kudu sukur ni'mat. Indung mangrupa "janggelekna" muara kahirupan Mantenna pikeun umat-Na. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung teh "mediator" antara Mantenna jeung manusa.
Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-nengne. Sagala hal kahadean diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning "ngajelemakeun" kuring.
Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung neangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku eta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weleh agul-agulan ka dirina: "Anaking kiwari geus jadi 'jalma'… !!"
Ekspresi kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi "jalma", ceuk indung… tapi, naha kuring geus pantes disebut "jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!"
Indung, nepi ka poe ieu satekah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun. Sarenghap napas anjeun, jadi sarebu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.
Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.
Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu "ukur" bisa naur kaha-dean ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insyaalloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun eta teh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.
Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna "kakuatan" ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa.
Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya aherat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.
Dina poé poma, Jaja sareng Tata geus nyarioskeun piknik ka puncak gunung.
Pangajaran sareng ileran alam nu asri jadi daya tarikna. Jeung bawaan saukur, mere mimitian patepang di beutikna lembur. Jalan sajarah sareng dupa jeung pagawean geus ngajalankeun kumahaana.
Dina piknikna, Jaja sareng Tata méré tukang poto jeung juru pamilih téa. Kabéhna geus tiasa kapanggih dina telepon pinter, sarta mere kapanggih rékaman video sareng gambar nu kudu disimpen sababaraha.
Gunung téh parantos neruskeun pamulangna, ngabogaan pemandangan alam nu lulumpat-lulumpit
Saatos piknik, Jaja sareng Tata geus pulang jeung haté anu penuh kagiatan. Nu tiasa kapanggih dina puncak gunung téh ngajantenkeun kenangan anu teu bakal kaparengkeun. Waktu anu dipaké sareng sahabat-sahabat téh jadi harta nu paling berharga dina haténa.
Dina hiji kampung kiwari, aya saurang nenek anu kantun meuntas umur. Ieu nenek nu lembur kuring mangrupakeun pusaka ka murangkak ku kuring.
Pusaka ieu, beuki kuring jeung nenek ti leuwih generasi. Nenek ngajak kuring ka ladang sareng ngajarkeun nilai-nilai luhur.
Di luhureun bukit, nenek ngajak kuring mimiti ngabagi-harap jeung kuring. Pusaka ieu, leutik jeung aneh, teu puguh dina jeung nalar dunya. Tapi, dina proses ieu, kuring henteu ngarti kumaha pusaka ieu ngajantenkeun hirupna.
Lamun waktu geus ngaleutik, nenek ngajak kuring ka hutan beuki tempat pusaka ieu kapendak. Dina ieu, nenek ngajak kuring nyarios ngalakukeun upacara nu geus dimaksudkeun ku leluhur.
Pusaka ieu teu bari hilang, tapi anu paling utama, lebah-lebah anu langgeng nuluy ka kuring jeung nenek. Nenek teu sadar, tapi lebah-lebah ieu nu hayang ngabagi sababaraha nasehat kanggo kuring.
Tangtu, dina manéhna nenek téh teu aya di antara kuring jeung pusaka ieu. Tapi di tiap-rumah nu disabudeureun, lebah-lebah ieu ngajantenkeun saksi nu lebet dina pusaka. Hirup kuring, leutik jeung sareh, tapi ieu pusaka geus ngajantenkeun pedoman dina hirupna.
Demikian ulasan mengenai contoh carpon. Semoga bermanfaat!
Editor: Komaruddin Bagja