Get iNews App with new looks!
inews
Advertisement
Aa Text
Share:
Read Next : 5 Berita Populer: Contoh Biantara Bahasa Sunda hingga Penampakan Jersey Baru Persib
Advertisement . Scroll to see content

7 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan SD Hingga SMA

Sabtu, 07 Oktober 2023 - 12:36:00 WIB
7 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan SD Hingga SMA
Contoh pidato bahasa Sunda (Freepik)
Advertisement . Scroll to see content

JAKARTA, iNews.id – Tujuh contoh pidato bahasa Sunda tentang perpisahan akan diuraikan dalam artikel ini. Menurut Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), pidato adalah pengungkapan pikiran dalam bentuk kata-kata yang ditujukan kepada orang banyak atau khalayak.

Pidato ini bisa disampaikan dalam bahasa Indonesia, bahasa Inggris ataupun bahasa daerah seperti bahasa Sunda, tergantung pada keperluan dan juga target audiens pendengar pidato tersebut. Tema pidato juga beragam, bisa untuk keperluan penerimaan siswa baru atau juga perpisahan. 

7 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan 

Untuk lebih jelasnya, berikut adalah contoh pidato bahasa Sunda tentang perpisahan, yang dikutip dari berbagai sumber, Jumat (6/10/2023). 

1. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Wilujeng enjing, hadirin sadayana.

Ibu Kepala Sakola nu ku simkuring dipihormat, Ibu sareng Bapa guru nu ku simkuring dipikahormat, oge para staf TU nu ku simkuring dipihormat, para orang tua sareng wali murid nu ku simkuring dipihormat, oge rerencangan sadaya nu ku simkuring dipikadeudeuh.

Nu pertama jeung nu langkung utama, hayu urang manjatkeun syukur ka Gusti Nu Maha Esa anu parantos nakdirkeun urang sadayana kempel riung dina kaayaan sehat walafiat dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 12 SMA (nama sekolah).

Hadirin,
Tiga taun nu tos kalangkung, ka sakola teh ya ku malesna. Asa beurat ngalengkahkeun suku kanggo siap-siap ka sakola. Tapi dipaksakeun wae da butuh kana elmuna. Teu karos ayeuna tos tamat, tos aya dina acara Paturay Tineung.

Dina kasempatan ieu, simkuring ngawakilan rerencangan sangkatan bade ngadugikeun tilu hal nyaeta:
Hiji, nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami tilu taon ieu. Mugia elmu na mangpaat kanggo abdi sadaya jeung mugia jadi ibadah kanggo ibu sareng bapa.
Dua, abdi ngawakilan rerencangan nyungkeun pangampura karna pasti loba kasalahan nu teu kaitung tos dilakukeun ku abdi sadaya. Tilu, wilujeng kantun bapak ibu sadayana. Abdi sadaya bade ngantunkeun ieu sakola. Nyuhunkeun piduana mugia tiasa neruskeun kawajiban nungtut elmu.

Hadirin sadayana,
Mung sakitu nu tiasa didugikeun ku abdi. Nyuhunkeun pangapunten bilih aya kasalahan kata atanapi polah. 
Hatur nuhun, Wassalam..

2. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan
 

Assalamu’alaikum Wr Wb.

Bapak Kepala Sakola anu ku simkuring dipikahormat, bapak sinareng ibu guru oge staf Tu anu ku simkuring dipikahormat, para tamu oge orang tua murid nu nu simkuring dipikahormat, oge teu hilap kabeh rerencangan anu ku simkuring dipikanyaah.

Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji oge syukur ka gusti Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana poe ieu janten urang tiasa kempel di tempat ieu dina raraga acara Paturay Tineung murid kelas 9 SMP (nama sekolah). Mugia sholawat sinareng salam salawasna dilimpahkeun ka nabi Muhammad SAW, kulawarga, para sahabat, ulama, oge urang salaku umatna. Aamiin.

Hadirin sadayana, anu namina waktu teh asa nyeak ari tos dilangkungan mah. Teu karaos 3 taun tos kalangkung ku abdi sareng rerencangan sadayana. Ieu artina, kami teh bade izin ninggalkeun ieu sakola nu tos janten rorompok kadua.

Salami nuntun elmu di sakola, pasti wae seueur kasalahan nu diperbuat. Kusabab eta, abdi ngawakilan rerencangan saangkatan nyuhunkeun hampura. Tos pasti, kasalahan ti ibu sareng bapa guru atos dihampura ku kami.

Oge teu hilap nuhun parantos jadi nyeepkeun waktu, tanaga, sareng pikiranna kanggo ngawulang abdi sadayana. Mugia elmu na tiasa mangfaat kanggo abdi sadayana tur janten amal jariyah kanggo bapa sareng ibu. Aamiin.

Mung kitu wae nu tiasa abdi dugikeun. Hampura bilih aya kasalahan kata anu teu merenah da manusa mah tempat salah. 

Hatur nuhun…
Wassalamu’alaikum Wr Wb.

3. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama ba’du.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat. Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6). Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu.

Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

4. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna.

Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring.

Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring
saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.

5. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat. Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas 6.

Teu hilap sim kuring oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.

Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin.

Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan. Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan.

Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu langkung luhur.

Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi, sareng kaleuwihan mah nga tiasa datang ti Allah SWT.

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

6. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum Wr Wb

Alhamdulillahirabbil’ alamin wabihi nasta’in ala umuuriddunya waddin wassholatu wassalamu ala asrofil anbiyaai walmursalin. Amma ba’du.

Hadirin sadayana, tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Illahi Rabbi anu parantos ngagerakeun urang sadayana sangkan tiasa kempel riung di tempat ieu dina raraga acara Perpisahan Murid kelas 6 SD (nama sekolah)

Sholawat miwah salah oge mugia salawasna dilimpahcurahkeun ka junjunan urang sadayana habibana wanabiyana Muhammad SAW. Oge ka kulawarga, sohabat, para ulama, dugi ka urang sadayana salaku umatna nu mudah-mudahan beriman dugi ka poe akhir. Aamiin.

Hadirin sadayana anu ku simkuring dipikahormat,
Nepangkeun nami abdi Iman Sulaiman salaku perwakilan ti angkatan 57 SD Negeri 7 Cigalontang nu ngagaduhan ieu hajat perpisahan. Teu karaos salila genep taun lamina abdi sareng rerencangan sadayana aya di sakola ieu. Ieu artina, abdi sareng rerencangan teh bakal papisah ti sakola ieu.

Abdi ngawakilan rerencangan saangkatan bade ngahaturkeun nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngawulang abdi sadayana salami 6 tahun. Mugia kabeh elmu anu dipasihan ti ibu sareng bapa maslahat kanggo kahirupan abdi sadaya. Oge mugia janten ladang ibadah kanggo ibu sareng bapa.

Mugia sagala kasaean bapa miwah ibu guru menangkeun walesan di gusti Alloh. Aamiin.
Mung sakitu anu tiasa abdi sampaikeun ngawakilan rerencangan saangkatan. Kirang langkung nyuhunkeun pangapunten. Kasalahan mah milik abdi, kasampurnaan mah milik Allah.

Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr Wb.

7. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Asshaduallailahaillalah wa ashadu anna muhammadar rasulullah. Ama badu.

Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Kusabab dina dinten ieu urang sadayana, masih ditangtayungan, sareng tiasa nariung dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna, anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin.

Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, sareng para sepuh nu sumping ka dieu, rerencangan kelas genep, teu hilap oge murid kelas hiji dugi ka lima.

Hadirin sadayana anu ku simabdi dipihormat. Artinya Hadirin semua yang saya hormati.
Hapunteun sateuacana, abdi bade ngawakilan rerencangan maca sambutan, dina raraga acara perpisahan kelas genep. Teu karaos, tos genep taun urang sadayana aya di dieu. Di sakola ite nu tos ngawuruk abdi sareng rerencangan sagala rupa elmu nu mangpaat.

Kumargi eta, tos dugi kana batas, ayeuna urang sadaya bakal papisah. Sakali deui, abdi ngawakilan rerencangan, ngahaturkeun rebu nuhun laksaketi kabingahan, kanggo Bapa sareng Ibu guru, anu tos iklhas sareng sabar ngadidik urang sarerea.

Mugia, sagala mangrupa elmu nu tos diajarkeun teh, mangfaat kanggo nusa, bangsa, sareng agama. Sareng amal kasaean Bapa miwah Ibu Guru teh kenging walesan ti Gusti nu maha Esa, nyaeta Allah SWT. Amin.

Rupina, sakitu wae anu tiasa di haturkeun ti abdi sareng rerencangan, Kirang langkungna neda dihapunten pisan.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Demikianlah penjabaran mengenai contoh pidato bahasa Sunda tentang perpisahan. Semoga artikel ini dapat membantu pembaca memahami pidato dan menjadi acuan dalam membuat teks pidato berbahasa Sunda.

Editor: Komaruddin Bagja

Follow WhatsApp Channel iNews untuk update berita terbaru setiap hari! Follow
iNews.id
iNews Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik lebih lanjut