3 Contoh Artikel Bahasa Sunda, Dilihat dari Berbagai Tema

Simon Iqbal Fahlevi
Contoh Artikel Bahasa Sunda. (Freepik)

Kesenian 

Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, kaasup conto kaseian tradisional. 

Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.

Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan sakitu populerna. Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, kayaning calung, angklung atawa reog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep.

Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan. Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaeta kasenian anu diigelan ku ronggeng atawa dombret disebutna di wewengkon basisir kaler mah.

Eta ketuk tilu teh tuluy diropea ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. 

Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari moderen, jsb. Ngaranna oge tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan. Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. 

Dina dunya rekaman upamana, kiwari geus pohara lobana kaset-kaset rekaman jaipongan. Urang bisa manggihan meh di unggal toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana.

Malah lain bangsa urang bae nu resepeun, bangsa deungeun oge teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.

Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan. Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung teh apan tara kaliwat, sok aya bae. Ieu hiji bukti yen kasenian jaipongan teh kalandep ku balarea.

Tradisi Nyunatan di Sunda

Di tatar Sunda, nyunatan teh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di saban wewengkon. Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna geus genep taun, sok teu genah cicing. Hayang geura nyunatan anakna.

Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi ka dalapan taun.

Istilah nyunatan atawa sok aya oge nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, hartina ‘turih’. Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyunatan teh ku cara nurih kokocop. Carana, kulit kokocop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango (pakakas kawas patlot).

Sanggeus dicapit, eta kulit kokocop teh tuluy diturih, tapi dikeureut nepi ka beresih. Jalma tukang nyunatan teh baheula mah disebutna bengkong, ayeuna mah paraji sunat atawa mantri sunat.

Prak-prakan hajat nyunatan di Bogor bisa jadi teu aya bedana jeung di wewengkon sejen. Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun babadamian kulawarga heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanana, jeung sajabana.

Dina waktuna, budak sunat teh sok direuah-reuah heula diraramekeun. Keur anu mampuh mah, sapoe samemehna budak sunat teh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-mapay jalan bari dipirig ku tatabeuhan kendang penca.

Baheula mah, samemeh disunatan, budak sunat teh sok dibawa ka balong atawa walungan, sina ngeueum heula. Maksudna ngarah raranganana baal lamun engke dikeureut. Geus kitu tuluy dilahun dina korsi, pada nyarekelan sarta panonna dipeungpeunan, kakara disunatan.

Editor : Johnny Johan Sompotan
Artikel Terkait
Seleb
2 bulan lalu

Deretan Artis Kuasai Banyak Bahasa, Termuda Luna Allegra Bisa Bicara 5 Bahasa

Nasional
1 tahun lalu

10 Contoh Teks Argumentasi tentang Makanan, Yuk Pelajari!

Nasional
1 tahun lalu

5 Berita Populer: Contoh Biantara Bahasa Sunda hingga Penampakan Jersey Baru Persib

Nasional
1 tahun lalu

JPPI Sebut Penghapusan Jurusan IPA IPS dan Bahasa di SMA Dibuat Mendadak, Tak Libatkan Stakeholder 

Berita Terkini
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
Network Updates
News updates from 99+ regions
Personalize Your News
Get your customized local news
Login to enjoy more features and let the fun begin.
Kanal