Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncél gawéna rapékan jeung getol.
Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncél, sabab Boncél gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna.
Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncél diangkat jadi dalem.
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu disangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh lantaran doraka ka kolotna.