Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Harta Anu Mawa Bagja Jeung Waluya
JAKARTA, iNews.id - Khutbah Jumat Bahasa Sunda membahas tentang harta yang membuat kita bahagia dan mulia. Harta dan kekayaan yang dimiliki seseorang pada hakikatnya adalah titipan Allah yang akan dipertanggungjawabkan kelak di akhirat.
Jika harta itu dipergunakan untuk kebaikan yakni berinfak, sedekah dan menunaikan zakat maka harta itu akan mengantarkan seseorang meraih tiket surga.
Sebalikya, jika harta dipakai untuk berfoya-foya dan terus ditumpuk untuk kepentingan pribadi maka akan membawa celaka seperti yang dialami Qarun pada masa Nabi Musa as.
Karena itu, sebisa mungkin kekayaan dan harta yang dititipkan Allah SWT dipakai untuk beribadah yakni membayar zakat, membantu fakir miskin dan amal ibadah lainnya.
Berikut Khutbah Jumat Bahasa Sunda tentang Harta Anu Mawa Bagja Jeung Waluya ditulis Jamal Shidiq, Seksi Bimas Kemenag Kota Banjar Jawa Barat dikutip dari laman pcnucilacap.or.id.
اْلحَمْدُ للهِ اَّلذِيْ جَمَعَنَا عَلَى حُبِّ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى حُبِّ مَا يُحِبُّ سَيِّدُنَا مُحَمَّدٌ، وَمَنْ يُحِبُّ سَيِّدَنَا مُحمد، ومَنْ أَحَبَّ صِرَاطَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ. اللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَصْحَابِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَزْوَاجِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أَنْصَارِ سَيِّدِنا مُحَمَّدٍ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا
أمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِخَيْرِ وَصِيَّةٍ عَلَّمَنَا سَيِّدُنَا مُحَمَّدٌ تَقْوَى اللهِ اْلأَحَدِ الصَّمَدِ فَهِيَ طَرِيْقُ اْلجَنَّةِ اْلمُؤَكَّدِ، فَقَدَ قَالَ اللهُ تَعَالَى اَلْمَالُ وَالْبَنُوْنَ زِيْنَةُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۚ وَالْبٰقِيٰتُ الصّٰلِحٰتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ اَمَلً
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Saat ieu sareng di tempat ieu mangga urang sami-sami muji syukur ka dzat Allah SWT, tina sagala kanikmatan anu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, terutami nikmat iman sareng Islam.
Sholawat sareng salam mugia salamina dilelerkeun kajunjunan alam nabi terakhir Muhammad Rosulullah SAW, Rahmat sareng sholawat mugia deui dilelerkeun ka kulawarga, sahabat, tabi’in miwah urang sadaya anu senantiasa miharep kabagjaan di dunia rawuh akhirat.
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Al-Qur’an anu mangrupikeun wahyu sareng pedoman pikeun umat manusa, parantos ngawanti-wanti ka urang sadayana supaya teu kajebak teu kaperdaya kuharta kakayaan, sabab anu ngajadikeun korun cilaka kakubur kadasar bumi tina alatan hartana sorangan.
Firaun nu disebut-sebut hampir 70 kali dina al-Qur’an cilaka kulantaran kajebak kaperdaya kujabatan jeung kadudukan, nyakitu deui Abu Jahal jeung Abu Lahab ditempatkeun dina naraka hawiyah kualatan katipu ku gemerlapna harta jeung kadudukan.
Dina hal ieu Allah SWT ngarekam jeung ngaabadikeun dina al-Qur’an Surat Allahab:
تَبَّتْ يَدَآ اَبِيْ لَهَبٍ وَّتَبَّۗ
مَآ اَغْنٰى عَنْهُ مَالُهٗ وَمَا كَسَبَۗ
سَيَصْلٰى نَارًا ذَاتَ لَهَبٍۙ
Hartosna: “Binasa dua Leungeun Abu Lahab, kalawan sestuna binasa. Taya paedahna keur manehna boh hartana boh naon bae nu diusahakeunana. Manehna baris asup kana seuneu naraka nu ngentab-ngentab”. (QS. Al-Lahab: 1-3)
Moal manfa’at kamanehna harta bandana jeung nu diusahakeunana, Isukan manehna bakal asup kana seuneu anu ngagolak.
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Rosulullah SAW ngadawuh dina salah sawios haditsna, anu diriwayatkeun ku Imam Muslim katut Imam Tirmidzi;
Hartosna: “Anjeun teu ngabogaan harta kecuali anu geus di dahar ku anjeun, atawa pakean iwalti anu geus dipake ku anjeun dugi kaburukna, atawa anu disodakohkeun nepika geus kaliwat”.
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Ternyata harta anu sajatina harta, nyaeta harta benda anu geus dituang nu geus dinikmati ku urang, mun pakean geus buruk atawa hancur, lain anu aya keneh di imah atawa di gudang, di kamar atawa dina lomari, sabab harta anu masih keneh nyesa, eta harta bakal jadi parebutan jeung papaseaan ahli waris, pon nyakitu deui harta sodakoh eta mangrupakeun sajatina harta, anu moal leungit dugika kiamah sok sanajan jumlahna leutik atawa saeutik.
Lain duit anu aya dina dompet dina tabungan atawa di bank, sabab duit anu aya dinu kasebat bieu mungkin bakal ilang kulantaran aya nu nyokot, kaduruk atawa aya nunipu, ku hal eta pisan sateuacan harta benda urang dijadikeun parebutan ku ahli waris, dijadikeun persengketaan jeung fitnah.
Maka manfa’atkeun eta harta sahade-hadena kanggo bekel ibadah ka Allah kanggo taqorrub jeung to’at ka Allah, karna harta nu bisa mere kamanfa’atan nyaeta harta nu disodakohkeun jeung diinfakkeun dijalan Allah. Pidawuhna
Allah SWT:
مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَدُ وَمَا عِنْدَ اللّٰهِ بَاقٍۗ وَلَنَجْزِيَنَّ الَّذِيْنَ صَبَرُوْٓا اَجْرَهُمْ بِاَحْسَنِ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ
Hartosna: “Naon-naon anu aya diaranjeun eta bakal ilang, jeung naon anu aya di Allah eta bakal abadi”. (QS An-Nahl: 96)
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Mudah-mudahan harta kadudukan jeung jabatan anu disandang ku urang ngajantenkeun wasilah kana lungsurna taufik jeung hidayah sahingga tiasa bersyukur kana kanikmatan ti Allah SWT.
Editor: Kastolani Marzuki