4 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Pendek yang Mudah Dipahami
JAKARTA, iNews.id - Contoh dongeng bahasa Sunda pendek yang mudah dipahami. Dongeng adalah cerita yang diceritakan dari mulut ke mulut dari generasi ke generasi.
Dongeng tidak memiliki penulis atau pencipta yang pasti. Cerita dongeng di berbagai wilayah sering kali memiliki kesamaan, karena disesuaikan dengan kondisi daerah setempat. Dongeng dapat ditemukan dalam berbagai bahasa, termasuk bahasa daerah, seperti bahasa Sunda.
Dirangkum dari buku Piwuruk Basa: Basa Sunda oleh Suhaya, S.IP., M.Pd. dan berbagai sumber, Selasa (12/9/2023), berikut dongeng anak bahasa sunda pendek.
Dina jaman baheula, aya sahiji karajaan nu ngarana Kutatanggeuhan di daerah puncak Bogor. Karajaan ieu dipingpin ku Raja Prabu Swarnalaya, nu boga istri namina Ratu Purbamanah.
Pasangan ieu encan di karuniaan pun anak, sanajan sagala cara geus dilakukeun. Raja Swarnalaya akhirna mutuskeun pikeun tatapa di goa, teuing babaraha lilana.
Hiji poe, ahirna raja menang hiji wangsit, ku ijin ti kawasa istrina teh hamil jeung ngalahirkeun putri anu gumelis kacida.
Putri ieu di bere ngaran Nyi Ajeng Gilang Rinukmi atawa sok disebut oge putri Ayu Kencana Ungu. Saking nyaahna ka putri hiji-hjina, sagala kahayang diturutkeun kabeh, putri Ayu akihrna tumuwuh janten budak manja.
Akibatna, hiji poe manehna miceun kalung hadiah ti rakyat kerajaan dina pesta ulang tahunna. Berlian ti kalung akhirna awur-awuran, tutungna indungna ceurik teu eureun-eureun.
Barengan jeung kitu, aya sahiji kajadian dimana aya lini gede ngagoncang jeung kaluar cai tina jero taneuh. Makin lila makin ngagedean eta cai, nepi ka ahirna ngalelepkeun karajaan Kutatanggeuhan jeung sagala isina.
Eta asalna talaga nu sok disebut talaga warna teh, warna-warni airna ceuk beja mah asalna tina kalung berlian kasebat.
Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncél gawéna rapékan jeung getol.
Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncél, sabab Boncél gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna.
Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncél diangkat jadi dalem.
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu disangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh lantaran doraka ka kolotna.
Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.
Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.
Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.
Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.
Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari.
Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.
Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.
Jaman baheula aya hiji lalaki ngaranna Salhawi. Sapopoena Pagawéan ngala batu di tutugan gunung. Hiji poé manéhna ngalamun.
"Mun urang jadi jalma beunghar tangtu moal capé jiga kieu." Teu pati lila datang jin Ipri. Ipri nyarita, "Kahayang manéh baris dikabul."
Teu lila ti harita, Salhawi jadi jalma beunghar. Harita aya rombongan karajaan diiring ku ponggawa ngaliwat ka hareupeun imah Salhawi. Salhawi ngomong deui, Pohara ngeunahna jadi raja. Indit dipayungan ku ponggawa." Teu lila datang deui Ipri. "Kahayang manéh baris dikabul," ceuk Ipri.
Heuleut sababaraha waktu, Salhawi diangkir ka nagara. Salhawi dilungguhkeun jadi raja. Hiji poé hujan turun mani gedé Imah, tatangkalan, jeung sasatoan loba nu paralid. Dina pikirna ceuk Salhawi.
Demikianlah, contoh dongeng bahasa Sunda pendek yang mudah dipahami.
Editor: Komaruddin Bagja