Contoh Warta Bahasa Sunda Berbagai Tema, Bisa Jadi Referensi Tugas Sekolah
Kabakaran lumangsung di pasar Sukaramai Pekan baru Riau, Salasa sore (8/12/19) kajadian ieu nyieun panik sakabeh padagang tarekan nyalametkeun barang daganganna.
Seneu anu gede ngabeleum sakabeh kios jeung toko padagang di lantai dasar. Patugas kabakaran dijieun kalang kabut mareuman seneu nu kitu gedena, lantaran ka bujeng ku haseup hideung disakitaran tempat kajadian.
Pikeun mareuman seneu, patugas kabakaran ngusahakeun ku jalan ngaliwat tembok rohangan nu geus kabeleum di lantai dasar. Panyebeb kabakaran masih keneh di talungtik ku Polresta Pekanbaru.
Pemerintah Swedia ayeuna keur nimbangkeun sangkan ngalarang atanapi netapkeun aksi ngabakar Al-Qur’an atanapi kitab suci ajaran agama lianna teh tindakan nu ilegal. Langkah ieu teh dipertimbangkeun sanggeus aksi ngakabar Al-Qur’an, sababaraha poe ka tukang, dinilai ngarusak kaamanan Swedia.
Sapertos diwartakeun ku Reuters, Jum’at (7/7), saurang pangungsi Irak nu cicing di Swedia ngabakar salinan Al-Qur’an di luar hiji masjid di Stockholm minggu nu katukang, nu micu kamarahan umat muslim sadunya. Kritik oge ngalir ti rea pihak, kaasup Paus Pransiskus.