Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat. Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep (6). Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu.
Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.