Get iNews App with new looks!
inews
Advertisement
Aa Text
Share:
Read Next : 5 Berita Populer: Contoh Biantara Bahasa Sunda hingga Penampakan Jersey Baru Persib
Advertisement . Scroll to see content

7 Contoh Carpon yang Bisa Jadi Referensi Siswa Belajar Bahasa Sunda 

Rabu, 24 Juli 2024 - 23:11:00 WIB
7 Contoh Carpon yang Bisa Jadi Referensi Siswa Belajar Bahasa Sunda 
Contoh Carpon Bahasa Sunda Singkat Beragam Tema (Foto: Istimewa)
Advertisement . Scroll to see content

Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-nengne. Sagala hal kahadean diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning "ngajelemakeun" kuring.

Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung neangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku eta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weleh agul-agulan ka dirina: "Anaking kiwari geus jadi 'jalma'… !!"

Ekspresi kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi "jalma", ceuk indung… tapi, naha kuring geus pantes disebut "jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!"

Indung, nepi ka poe ieu satekah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun. Sarenghap napas anjeun, jadi sarebu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.

Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadean anjeun.

Follow WhatsApp Channel iNews untuk update berita terbaru setiap hari! Follow
iNews.id
iNews Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik lebih lanjut