Udin : “Engké ma.” (Jongjon bari ngoprék bandring kénéh waé)
Indungna : ” Manéh emang nyaho din, ari carana kawin téh ?” (Ngahareupkeun si udin bisaeun)
Udin : “Deuh, gampang ma, piraku udin teu nyaho mah.”
Indungna : “Coba atuh, cing kumaha carana téh ?!”
Udin : “Kieu ma, kahiji, Buka bajuna”
Indungna : “Terus?” (Bari seuri)
Udin : “Kadua, buka calanana.”
Indungna : “Terus.. Terus..?” (Seuri, Bari panasaran)
Udin : “Ka tilu, pas tos ka tingali cangcutna, terus di… Éuh?”
Indungna : “Bisa geuning manéh din, terus di kumahakeun deui terakhirna?”
Udin : “Enya, bisa atuh ma! Terus, di cabak heula ma.”
Indungna : “Terus.. din !” (Bari seura-seuri)
Udin : “Tah geus kitu, di buka, Urang jieun bandring wéh ma cangcutna téh!”
Indungna : “Goblog siah..!! budak téh ngagawéan aing!”
Udin : “Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa)
Aya hiji awéwé mojang ngaranna sebut wéh si ira. Si ira awakna jangkis, bu’ukna péndék, saléwat mah pokona percis pisan jiga lalaki. Di lemburna ogé manéhna katelah budak tomboi, nu hobina naék motor.
Dina hiji poé, si ira rék mangkat ka gedung caffe di jakarta, manéhna geus siap-siap bari geus mawa helm, maké jakét kulit nu sok biasa dipaké ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweuh kaca spionan sabelah, salewat mah émang mirip lalaki ieu budak téh. “Grungg…!!!” si ira téh tuluy ngacir indit ka gedung caffe.
Babaraha jam lilana, ahirna si ira tepi ka gedung caffe anu dituju. Manéhna turun dina motor, bari maké jaket jeung helm kénéh, ngagidig wéh si ira téh leumpang asup ka gedung, bari rada katembong jangar.
Di gedung caffe éta téh keur aya pamariksaan, kulantaran di jakarta ayeuna keur usum BOM nu sing jalelegur gara-gara basa tragedi nu di tamrin téa. Satpam-satpam bari nyekel pelentungan jeung alat ajang ngaditéksi bom tos siap-siap ngajaga di gang gedung caffe éta.