Nah, pas arék asup, si ira dipariksaan heula ku satpam ti handap nepi ka luhur pake alat détéksi bom nu ngaranna metal détéktor.
Nah, pas alat éta nepi ka dadana, satpam langsung ngomong: “Nah siah..!! ieu naon empuk-empuk kieu dua siki?? Boa-boa manéh mawa bom nya!!!” Ceuk satpamna téh, da puguh teu nyaho perangsa téh lalaki.
Pas rada di cabakan saeutik ku satpamna, si ira atuh mereun jadi ngambeuk.. Prak wéh! éta helm langsung di buka bari dibabétkeun, si Ira ngomong ka satpamna, bari matana molotot: “BOM, BOM, tai pedut lah, siah! Yeuh teu percaya mah !!!”
Lah geuning awéwé, sugan kuring téh lalaki. Ceuk satpamna bari cengar-cengir: “Tos.. Tos.. cekap.. Neng! Teu kedah dikaluarkeun, tos terang abdi mah.. Tos terang!” Satpam éta reuwas, da sugan téh éta nu keur manéhna pariksaan téh lalaki, sihoréng padahal mah manéhanna awéwé.
Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahluk-Na anu kudu sukur ni'mat. Indung mangrupa "janggelekna" muara kahirupan Mantenna pikeun umat-Na. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung teh "mediator" antara Mantenna jeung manusa.