Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin. Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng nabi Muhammad SAW.
Teu hilap ka para keluargana sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.
Alhamdulilah Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin teh wirẻh kapancẻnan salaku panata calagara bade ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, nyaeta di antawisna:
1. Bubuka
2. Pembacaan ayat suci Al-Quran
3. Pembacaan sholawat nabi
4. Taushiyah
5. Doa jeung panutup
Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat.
Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka wae ku ngaos basmalah sasarengan.