Sholawat sinareng salam urang sami-sami panjatken ka jungjungan urang nabi Muhammad SAW, nu tos nyandak urang sadaya kana jalan kaleresan.
Salajengna, sim kuring ngawakilan (...) ngahaturken nuhun ka para saderek sadaya nu tos tiasa sumping rurumpahen di masjid ieu, piken nyomponan uleman dina raraga Maulid Nabi Muhammad SAW, mugi kasumpingan bapak sadayana nyandak kaberkahan kanggo urang sadayana, amin.
Teu hilap sim kuring ngahaturken rewe rewu nuhun laksa kabingahan ka para tatanggi, para dermawan, nu tos sami sami ngarojong, ngabantos moral, atanapi materilna, terutami nu tos ngabantos mangrupi jamuan, janten acara maulid nabi tiasa dilakasanaken di mesjid ieu.
Sateuacan nincak kana acara pokok, sim kuring nuhunkeun dihapunten, ka para undangan sadayana bilih dina panghormatan, sajian, atanapi leetennana kirang mernah kana manah, kirang cocok kana hate, da mung sakieu ayana.
Dupi kanggo ngesi acara Maulid ieu sakumaha biasana, nyaeta bade di aosken riwayat nabi dina kitab AlBarjanji, nu bade di aos ku bapa (...) sareng rerencangan, mugi urang sadaya nu ngadanguken, nu ngabandungan ie riwayat kenging safaat ti rosulallah di dunya atanapi di akheratna. (Amin)