5 Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Maulid Nabi Muhammad SAW

Wikku D Nugroho
Contoh pidato Bahasa Sunda tentang Maulid Nabi Muhammad SAW (Foto: Istimewa)

Para hadirin anu dimulyakeun ku Alloh.

Junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad Saw teh kedah dijantenkeun panutan ku urang sadayana, akhlakna nu sae kacida tur mulya, kedah ditiru ku urang sadayana.

Malih mah Nabi teh diturunkeun ka bumi margi kangge nyampurnakeun akhlak, dina hadits anu diriwayatkeun ku Al-Baihaqi, saur Nabi:
إِنَّمَا بُعِثْتُ لأُتَمِّمَ مَكَارِمَ الأَخْلاقِ
Hartosna: "Satemenna Kami diutus kangge nyampurnakeun amal soleh (akhlak)." (HR. Al-Baihaqi)

Tah pertela pisan dina hadits eta teh yen junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad Saw teh diutus ka bumi ieu kangge nyampurnakeun akhlak.
Hayu sasarengan urang tiru, teras dilarapkeun dina kahirupan sahari-hari supados urang sadaya janten jalmi nu ngagaduhan Akhlakul Karimah, nyaeta akhlak anu sae.

Dina zaman ieu seueur pisan jalmi anu kajerat kana pergaulan bebas, zinah tos ibarat hal nu teu aneh, dianggap biasa dugi kajantenan di mana-mana, mabok, judi, sareng sajabana tos janten hal lumrah.
Jaga pondasi urang supados teu kabawa kusakaba-kaba, komo zaman kiwari mah sagala rupina pikahariwangeun.

Dina momentum Maulid Nabi ieu, hayu urang tiru sareng jantenkeun teladan akhlak mulia Nabi Muhammad Saw teh, urang jagi barudak urang sadayana tina pergaulan bebas, mugia urang dipaparin kasalametan di dunia sareng akherat ku Gusti Allah.

Editor : Komaruddin Bagja
Artikel Terkait
Megapolitan
1 bulan lalu

Kecelakaan Mobil Tabrak Tenda Maulid Nabi di Kembangan Jakbar, 2 Orang Luka-Luka

Internasional
2 bulan lalu

Awal Mula Maraknya Penangkapan Muslim di India terkait Tulisan "Saya Cinta Nabi Muhammad"

Muslim
3 bulan lalu

10 Contoh Kultum 7 Menit tentang Maulid Nabi, Singkat dan Penuh Hikmah

Buletin
3 bulan lalu

Bangunan Majelis Taklim Ambruk Saat Maulid di Bogor, Ternyata Belum Selesai Dibangun 

Berita Terkini
Network
Kami membuka kesempatan bagi Anda yang ingin menjadi pebisnis media melalui program iNews.id Network. Klik Lebih Lanjut
Network Updates
News updates from 99+ regions
Personalize Your News
Get your customized local news
Login to enjoy more features and let the fun begin.
Kanal