Ngaliwatan momen Maulid ieu hayu urang nguatkeun iman jeung taqwa ku cara nyonto Nabi Muhammad SAW, sabab salila hirupna salawasna ngajaga ucapan jeung lampahna tina hal-hal anu dibenci ku Alloh SWT. Saperti dina QS. Surat Al Ahzab ayat 21:
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللّٰهَ كَثِيْرًاۗ
“Sungguh, telah ada pada (diri) Rasulullah itu suri teladan yang baik bagimu (yaitu) bagi orang yang mengharap (rahmat) Allah dan (kedatangan) hari Kiamat dan yang banyak mengingat Allah.”
Pesen keur rumaja, ulah rek ngagadekeun iman ngan kusabab hayang ngiluan trend atawa hayang viral pikeun popularitas. Utamana pikeun wanoja anu sipatna boga rasa éra, ulah nepi ka para nonoman leungit jati diri.
Jadikeun Nabi Muhammad sabagé hiji-hijina panutan urang dina ngalaksanakeun kahirupan sangkan meunang kabagjaan hirup di dunya jeung ahérat.
Panginten sakitu anu tiasa kapihatur,hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum wa rahmatullahi wa barakatuh.
- Sumatra
- Jawa
- Kalimantan
- Sulawesi
- Papua
- Kepulauan Nusa Tenggara
- Kepulauan Maluku