Hadirin Rahimakumulloh
Nabi Muhammad mangrupikeun teladan pikeun urang sadaya salaku makhluk gusti Allah dina ngajalani kahirupan urang di dunia. Allah SWT parantos ngadauh dina Al-Qur’an Surat Al-Ahzab ayat 21 :
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللّٰهَ كَثِيْرًاۗ
Hartosna : saéstuna, parantos aya dina diri Rosululloh panutan anu saé pikeun anjeun (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu ngarep-ngarep (rahmat) Allah sareng (datangna) Poé kiamat sareng seeur nyebat nami Allah. (Q.S Al Ahzab 21).
Dina ayat eta Allah SW masihan terang kaurang sadaya salaku jalmi anu beriman ka gusti Allah saéstuna Allah tos masihan teladan pikeun urang ngajalani kahirupan di alam dunia ku cara urang kedah tiasa nyonto Rosulullah dina sadaya paripolahna.
Hadirin Rahimakumulloh,
Rupina, sakitu wae anu tiasa ku simkuring didugikeun, mudah-mudahan urang sadaya tiasa janten hamba Allah anu mibanda akhlak sapertos akhlak Rosululloh.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
- Sumatra
- Jawa
- Kalimantan
- Sulawesi
- Papua
- Kepulauan Nusa Tenggara
- Kepulauan Maluku